Pair of Vintage Old School Fru
Home
Mobile
Artikel
Islami
Tentang Admin
Buku Tamu
Site Map
File List
Tanggal 30 Apr 2025
Jam: 00:24:58

Total pengunjung: 8822



Carpon Basa Sunda - Sangeuk

Sora piriwit ditiup semu ngalengis. Rieg, karéta ngarieg, tuluy maju. Mimiti lalaunan,
beuki lila ngagancangan. Yuswa ngarérét
kana érloji. Tadi, barang mimiti indit,
panceg tabuh genep isuk-isuk. Geuning
lain ukur béja, enya wé ayeuna mah
karéta téh tara ngarét. Mun taya halangan harungan, ku manéhna kaijir pidatangeun
ka Jakarta téh kurang leuwih tabuh
salapan. Kawasna bakal cukup, waktu keur
nguruskeun urusan kantor. Jadi engké
bakal bisa balik deui ka Bandung maké
Parahiyangan anu berangkat jam lima soré ti Jakarta.

Sajajalan Yuswa anteng neuteup téténjoan
saluareun kaca jandéla. Kagareuwahkeun
sotéh pédah wé aya budak ngora nu diuk
di bangku hareupeun noél kana pingping
lalaunan.

“Punya api, pa?” cenah.

Keur-udud

Sakedapan Yuswa nelek-nelek budak ngora
téa. Pakulitanana beunang disebut konar.
Buukna modél punk-rock, pirang semu
beureum. Duka bener asli duka pédah
dicét. Ceulina dianting sabeulah.
Papakéanana, ka luhurna kaos oblong hideung aya gambaran leungeun keur
ngacungkeun jempol, curuk, jeung cinggir,
bari jajangkung jeung jari manisna
ditekuk. Sarérétan mah badis gambar
tanduk banténg. Luhureun gambar
leungeun téa aya tulisan Metalica ku warna beureum. Ari ka handapna,
dicalana blue jeans belél, soéh palebah
tuurna. Tapi sok sanajan kacirina rada
nyéntrik ogé ari rengkuh-rengkuhna mah
éta budak ngora téh sopan pisan.

Kusiwel leungeun Yuswa ngaluarkeun zippo
tina saku calana, tuluy diasongkeun bari
dipangnyekéskeun. Si budak ngora téh
ngarongkong nyeungeutkeun rokona,
kelepus udud.
“Makasih, pa,” pokna “Sama-sama,” walon Yuswa bari imut.

Sugan téh rék ngan sakitu. Horéng si
budak ngora téh kalah terus ngajak
ngobrol.
“Mau ke Jakarta?” cenah.
“Iya.”
“Di Jakartanya di mana?” “Ah, cuma mau ke Tamrin, ada urusan
kerjaan sedikit. Nanti soré juga pulang
lagi.” Ti dinya mah der baé ngobrol ngalér
ngidul. Malah mah nepi ka milu
mangmikirankeun urusan nagara sagala,
abong kabiasaan. Tuluy silih tanya wawuh ka si itu wawuh ka si ieu. Geus lila uplek
mah kakara wéh silih tanya ngaran.

“Saya Yuswa,” ceuk Yuswa ngawalon
panakon. “Sebetulnya nama yang bener
sih Yoshua, tapi orang-orang lebih suka
manggil saya Yuswa.”
“Saya Oding,” ceuk si budak ngora téh
samemeh ditanya.”Itu kalo nama yang benernya. Kalo temen-temen sih lebih
suka manggil saya meneer Odink van
Holland.”
“Loh, émang meneer Oding punya darah
Belanda?” ceuk Yuswa bari seuri.
“Ah engga juga. Mereka kan cuman usil doang. Kalo saya sih orang Sunda asli,”
témbalna.
“Ih, geuning? Hanas ti tadi ngawangkong
téh ku basa Indonésia. Atuh da ari sugan
téh…”
“Cuman, saya engga bisa bahasa Sunda, pa. Tapi kalo dengerin orang ngomong sih
ngerti,” meneer Oding mani rikat némpas
omongan bari nyéréngéh.
“Baruk, naha?”
“Abis dari kecil suka diajakin ngomong
Indonésia melulu sih.” “Bet éléh ku Bapa, atuh. Sanajan Bapa
lain urang Sunda gé ayeuna mah geus asa
jadi urang Sunda wé,” ceuk Yuswa rada
mapanas. Gap kana roko jeung zippo,
cekés diseungeut. Haseupna ditiupkeun ka
luhur mani nyerebung. “Émang aslinya dari mana?” ceuk meneer
Oding bari ngarérét kana gondok laki
Yuswa nu oyag sabot nyerebungkeun
haseup.

“ Ti Tarutung.”
“Tarutung itu di mana?”
“Deukeut Sibolga, di Sumatera Utara.” “Orang Batak?”
“Muhun.”
“Ah, masa sih?”
“Ih, ari taeun téh.”
“Marganya apa, pa?”
“Siregar.” “Kok bisa bahasa Sunda?”
“Ari Bapa mah nyekel prinsip di mana
bumi dipijak di sana langit dijunjung. Ku
lantaran hirup di tanah Sunda, atuh kana
adat jeung budaya Sunda ogé kudu wé
milu ngamumulé, sok sanajan lain urang dieu pituin gé.”
“Iya juga ya.”
“Ari meneer Oding aya minat hayang bisa
basa Sunda?” Yuswa mancing-mancing
bari satengah heureuy.
“Males ah, habisnya susah banget, suka diketawain kalo salah.”
“Mun salah kumaha?”
“Iya, mestinya bilang neda saya bilangnya
tuang. Mestinya rorompok, saya bilangnya
bumi. Yang gitu gitu déh,” ceuk meneer
Oding semu nu getun.
“Eueueuh, masalah undak usuk meureun
nya?”
“Tau lah, iya kali.”
“Jamak atuh kitu-kitu waé mah. Wayahna
kudu daék diajar jeung daék era. Ah, Bapa
gé jadi hayang ngadongéngkeun lalakon baheula, basa keur mimiti pisan diajar
basa Sunda,” ceuk Yuswa ngupahan bari
ngagedéan haté.
“Gimana gitu pa?”
“Harita téh boga kikindeuwan….”
Meneer Oding némpas heula, “Kikindeuwan itu apa?”
“Kabogoh, pacar. Tah ku lantaran boga
kabogoh ka urang Sunda, Bapa gé beuki
keyeng hayang bisa basa Sunda téh,
ambéh babari komunikasi. Ngan hanjakal,
ku babaturan anu asli urang Sunda, sakapeung sok dijieun jadi kaulinan, sok
diheureuykeun. Mun ngabéjaan kecap-
kecap basa Sunda, maranéhna kadangkala
sok ngahaja mapatahan salah.”

Karéta karasa asa rada nyanggéyéng.
Singhoréng aya tikungan. Geus liwat
tikungan mah diuk gé jadi ajeg deui. Lar
aya panumpang séjén ngaliwat bari
ngarérét, muru lawang panto w.c. Tayohna
rada anéheun ningali nu ngobrol. Nu hiji ku basa Indonésia, nu hiji ku basa Sunda.
Kawasna, tada teuing bakal leuwih
anéheunana saupama nyahoeun nu mana
nu urang Sunda jeung nu mana nu lain.

“Sakali mangsa, ku pimitohaeun téh
ditawaran dahar,” Yuswa neruskeun
obrolanana.
“Jang Yuswa, hayu urang
tuang heula, ceuk pimitohaeun téh.
‘Sangeuk pa,’ ditémbalan ku bapa bari
ngarengkuh-rengkuh manéh. Némbalan kitu téh bané baé kungsi dipapatahan ku
babaturan, kumaha kudu ngajawab
saupama diajakan dahar. Naha atuh,
pimitohaeun téh bet kalah ngadak-ngadak
jadi robah pasemon, terus ngajanggilek
ninggalkeun. Ti harita, pimitohaeun téh jadi ganti adat. Mun Bapa datang rék apél
hég anjeunna anu keur nyampak, pasti wé
ngadon ngajéngkat ka jero. Ngan karasa,
dina ngabéjaanana ka kabogoh Bapa gé
sok bari rada ditarikkeun, ngahaja ambéh
kadéngé ku Bapa, kawasna. ‘Tuh aya si Sangeuk!’ cenah. Atuh lila-lila mah Bapa
gé jadi ngarti yén kituna téh ku lantaran
tiheula Bapa kungsi salah némbalan ku
kecap ‘sangeuk’ téa. Tapi bongan saha
atuh, da nu mapatahanana nu teu bener
mah.”

Meneer Oding nyéréngéh. “Jadinya gimana
atuh, pa?” pokna bari seuri.
“Ah, cohagna mah jadi teu disatujuan wé
ku pimitohaeun téh. Cenah boga
piminantueun téh teu eucreug. Teu nyaho
di undak-usuk, euweuh kasopanan, teu boga temah wadi, kawas jelema teu
walagri. Mending ogé néangan papada
urang Sunda deui wé, nyai, loba ieuh nu
hayangeun. Ahirna mah nya jadi pegat wé,
teu tulus ka dinya.”
“Sayang juga ya.”
“Ngan, aya hikmahna ari keur Bapa mah,
jadi teu aya nu ngalandi si Sangeuk deui,”
walon Yuswa bari seuri konéng.
“Nya ti harita beuki getol ngulik basa Sunda téh, supaya teu jadi bahan geuhgeuyan deui ti babaturan.”
“Kalo saya sih mendingan engga usah
paké bahasa Sunda aja,” ceuk meneer
Oding bari semu nu ngabirigidig.
“Ari tuang rama jeung tuang Ibu kumaha
mun ngadangu meneer nyarios ku basa
Indonésia téh?”
“Cuék aja.”

Sakedapan obrolan eureun heula,
kaganggu ku riyegna karéta nu rada tarik.
Geus rada anteng, Yuswa muka deui
carita. “Ari di Bandung di mana linggih
téh?”
“Linggih, Rumah?” “Muhun, bumi, di mana?”
“di Ciwastra.”
“Asli urang Bandung?”
“Engga sih. Kalo aslinya dari Garut.”
“Ti Garut? Garutna di mana? Kadé, awas,
éta roko kana raksukan.” “Di Bayongbong, di Golér,” meneer Oding
ngawalon bari kékérépésan ngépés-
ngépéskeun calacah hurung nu murag
kana kaosna.

Buruan

Yuswa asa kacéntang gelap ngadéngé
kecap Golér téh. Sajorélat aya flash back
ngaliwat kana uteukna. Bet ras inget ka
jaman katukang-tukang.
“Di Golér? Ké,ké,ké, kenal sareng pa Haji
Irad?” ceuk Yuswa antusias. “Haji Irad mah kakék saya. Bapa kenal,
ya,” meneer Oding ogé sarua bungaheun,
asa boga kolot jadi selebritis.
“Aki ti ibu, atanapi ti rama?”
“Dari Mamah. Kalo Papah mah asli dari
Cilawu.”

Atuh ari kitu mah moal saha deui. Meneer
Oding téh moal henteu, tangtu anak néng
Kartini. Da ngan hiji-hijina anak awéwé
Haji Irad mah, ceuk pikir Yuswa.
“Saha tuang ibu téh kitu?” pokna asa-asa.
“Mamah? Kartini.” Tuh nya, tétéla teu salah, gerentes haté Yuswa.

Emh, pipikiran Yuswa jadi cuscos, da
dikumaha-kumaha ogé duriat mah gedé
pisan ka néng Kartini harita téh.
Dasar lain jodona ka dinya, kawasna. Da
mun seug henteu gara-gara salah
némbalan ku kecap “sangeuk” mah meureun ieu budak téh tangtuna gé anak
aing.
Ah, anu teungteuingeun mah Haji Irad wé.
Ari ka anu bener-bener hayang diajar basa
Sunda mani euweuh pisan toléransina,
salah kitu baé gé maké kudu jadi kuraweud, matak bolay teu jadi kawin. Ari
ayeuna, incuna sorangan, bet teu hayang-
hayangeun acan nyarita ku basa Sunda.
Mani abong. Aéh kétang, naha bet maké
dipikiran-pikiran teuing, kawas nu rék
pipilueun kana urusan batur baé. Kapan ceuk paribasa urang Batak ogé, “unang
tortori na su gondangmu”.




Refresh Translate Ke Judul Ke Artikel Lain >